Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Pahlawan

Selasa, 27 Mei 2014

WAKTU manѐhna miang, mawa ruruhit kapeurih. Dipangnyolowedorkeun. Salah saeutik, kudu wѐ, beungeut geuneuk. Bosen meresihan urut beling, hѐok, sepirtus. Geus ѐra ku tatangga, ari geus nyebutan sato nu narajis. Si Bungsu mumul sakola, ѐra ku baturna. Dumѐh beungeutna corob, kalѐob, kabarѐrang. “Nya, ceuk Ema ogѐ baheula, lain campaka kuduna., jung Anaking, ku Ema didoakeun, mending jauh, itung-itung titirah. Batan deukeut, bari raheut. Keun budak mah Jeung Ema.” Ema Karsih, cipanona bedah, hatѐ gudawang. Ramo pageuh, sungkan lugay. Teu bisa majar kumaha. Sataun diharudum Liwung. Waruga, kantun renghapna. Tasbѐ bolѐas, pegat talina. Ngampleng, taya iber. Ngalangeu, cimata beueus, ngadago kalangkang sugan. Hatѐ kebek sono, ngemu palangsiang. Torojol Kadѐs, ngeukeuweuk koran. Gabrug ngarangkul. “Ema, mah bagja. Sampeureun jaga. Si Nyai rѐngsѐ, jadi Pahlawan. Koran murag na lahunan. Brѐh, gambar jelema, keur ngalugas pedang.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya