Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Dipimelang

Kamis, 29 Mei 2014

"COMRO...! Bala-bala...! Géhu...!" sorana geus teu bireuk keur urang Cihamérang mah. Saban isuk-isuk Ceu Acah dagang goréngan. Wanci pecat sawed méméh mulang, setor heula ka Bi Otih nu boga daganganana.
Anjog ka imahna, teu tata pasini, naheur cai jangeun ngamandian Adim, budakna nu ngan hiji-hijina. Cai dina sééng, nyéngsréng. Cur, kana émbér nu geus dieusian citiis. Rigidig, dibawa ka tengah imah. Baragadal, muka pakéan Adim nu umurna nincak malastaun. Dibuligiran. "Hapunten abdi, ngarépotkeun Ema!" ceuk Adim bari neuteup beungeut indungna. Ceu Acah unggeuk. Sajeroning ngamandian, haténa galécok, "Lamun kuring gering, komo lamun nepi kahanteuna, saha nu rék ngurus Adim? Duh, Kang! Naha bet teu mulih waé? Sakedahna mah urang téh paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngurusan Adim. Naha ari Akang isin pédah gaduh putra teu suku-teu leungeun?" Aya nu nyérését na haténa, ras kana nasib pikahareupeun budakna. Rék kumaha, rék jeung saha? Lamun Ceu Acah geus tilar dunya.*

Eni Setiani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya