Over Dosis
MANEĢHNA babaturan ti bubudak. Solmét. Kaparengkeun mangsa sawawa babarengan sapagawéan. Kulawargana lir dulur pet ku hinis. Geus teu asa jeung jiga. Remen silihanjangan.
Basa manéhna gugur di tempat tugas, ninggalkeun anakna nu reuay jeung pamajikanana nu nunggul pinang, piwatireun. Najan enya boga pesangon, teu matak pimahieun. Remen anjuk hutang.
Ceuk kamandang batur sapagawéan, kuring salaku pupuhu ulah kagok asong nulungan.
“Jadikeun baé kotakan anyar!” cenah. Dibeuweung diutahkeun. Gilig.
“Bébéjana mah ké baé mun geus jadi.” gumerentes. Tuluy ngirim talatah. Nanya raga katineungna.
“Wios abdi mah sakasampeurna gé, nu penting aya jejer keur barudak.” majarna téh. Sapuk. Ngadahup. Rikip. Haté beulah dua.
Lalakon kagerus waktu, betus. Ti harita karasa béda. Pararundung. Padungdung pada-pada hayang naranjung. Ampir taya waktu nu kalarung, najan cimata geus nyalangkrung, teu bisa embung. Awak begung. Dipeleter ngawuluku saban waktu. Di ditu di dieu.*
Mulyana SA - kisuta.com


