Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Nyileuk

Jumat, 30 Mei 2014

KLIK. Nyéra. Buukna ngagebay, nyingkab katebak angin basisir. Atra bulu kiangna, matak geregeteun hayang niup, sina gétékkeun. Dierok pungsat corak coréléng, mintonkeun pingping jeung bitisna nu konéng umyang. Anteng kukucuprakan, nyoo kikisik, ocon jeung lambak nu bangun ngahaja ngolég manéhna. Seurina némbongkeun huntu nu bodas beresih. Bungah, bungangang. Angger panggih téh, wanci tumorék. Waktuna batur geus talibra. Nyéra. Batur nyileuk, batur cunggelik, jero peuting-peuting nu pinuh ku keclak cipanon, nganti nu ngapung teu mulang-mulang. Duaan ngudar rasa séwang-séwangan, nepi ka kongkorongok hayam. Nyéra, nu lambeyna nangtang ambung, geus meunang pitunduheun. Waktuna gasik mareuman monitor. Nyéra, iraha atuh urang patepang? Klik.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya