Beurit Parapatan
ISUK-ISUK. Patalimarga pasuliwer. Paheula-heula. Mobil, ngarayap. Milihan jajalaneun nu ngalombang. Motor sésélékét, néangan lolongkrang. Hawa isuk karasa bayeungyang. Kapanasan ku haseup knalpot. Jeung karungsing nu naék kana embun-embunan, alatan kaayaan di jalan nu beuki pajurawet.
Di parapatan. Pajejel. Itu-ieu embung ngéléhan. Kabéh hayang tiheula. Antukna, nagen. Ti ditu teu bisa hojah, ti dieu pon kitu deui. Sora klakson patarik-tarik. Mesin digaur-gaur. Sirah ngararebul. Polisi nu maneuh ngayakeun razia, suwung.
"Ngéong..., ngéong..." Sirineu ngahéong. Sarua teu bisa hojah. Katingker macét. Jrut, nu didasi turun tina mobil nu ngahéong. "Béré jalan, euy! Kuring rék rapat jeung investor!" Hohoak. Taya nu ngawaro. Nu didasi beuki pépédéngkréng. Jrut, panumpang angkot tarurun. Nu maraké motor, nyetandarkeun motorna. Rob, ningker nu didasi. "Ari manéh teu neuleu? Nyaho macét! Tuh, gara-gara lampu setopan paéh jeung jalan barolong. Kuduna, mikir! Kuring, rahayat malayar pajak tapi naha jalan bet butut waé! Na dipaké naon duitna?"
Nu ngepung ngangsreg, ngalobaan. Nu didasi, murungkut. Ngésang. Ngaleutikan... ngaleutikan.... Torolong! Nu didasi jadi beurit. Lumpat na sesela suku nu ngepung. Muru got.*
Eman Budiman - kisuta.com


