Moro Bungaok
“BUNGAOK, yeuh Nénéng nangis waé?!” kareungeu ti pangkéng. Jep, nu nginghak jempé. Reup peureum hayam. Maksakeun. Nu nyingsieunan nguniang. Ngeteyep, jéjéngkéan, ka tepas, laju turun, nyalingker ka pipir, ka émpér leuit. Aya nu cindekul nungguan. “Badé di mana?” ngaharéwos. “Di leuit wéh, tos dibebenah tadi sonten.” Leuit ririyegan. Geugeusan ting jarerit, katindihan.
Dipangkéng, Nénéng ngabangingik deui. Lila-lila jejeritan. “Ambu sieun Bungaok!” ceuceuleuweungan. Abah kahudangkeun, Ema ogé nyaring, nyampeurkeun. “Kamana ari indung manéh Nénéng?” hariweusweus. Nénéng nunjuk ka luar, ramo sabeulahna meungpeunan beungeut. Abah ngagajleng ka pipir, ngalugas Si Loklok. “Nyingkah siah Bungaok, ka Sabrang ka Palémbang, ulah deukeut-deukeut ka Nénéng!” gogorowokan, ngarah kadéngéeun kunu ngabangingik. Nu di pangkéng jempé, leuit simpé, kaayaan jempling deui. “Ti mana ari manéh Euis?” kanu gusat-gesut ka panto dapur. “Pan tas ngusir Bungaok!”. Abah imut, surti. Ngalimba.
Ti harita, Nénéng daékeun teu dikelonan. “Sawios Mbu, mangga wéh, supados teu aya Bungaok.”*
Rohendi Pandeglang - kisuta.com


