Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Tukang Tarajé

Selasa, 3 Juni 2014

TEU bisa hojah ti mangsa ka mangsa. Hirup teu hurip. Nyangsaya na tungtung pedang. “Wayahna Ujang, urang mah ukur sendal, tong ngimpi hayang jadi sapatu,” Ki Rakin ngusapan anakna. Bari nyinekelkeun angenna kana batu. Rét kana tarajé nu can payu kénéh. “Pa, ari si Ema iraha mulangna?” Ceuk anakna, semu haroshos. Teu karasa juru panonna ngembeng. Lembur nu dituju jauh kénéh. Jaba kudu nyorang jalan satapak, nanjak loba péngkolan. Barang nepi ka jalan gedé, gebrét hujan, lir diburakeun ti langit. Kabeneran aya gudang kosong. Sup asup, kabireungeuh aya jas hujan anu geus rawék. Diamparkeun satengahna disimbutkeun ka anakna. Kapeutingan. Awahing capé, reup peureum. Cahaya bulan moncor nojo waruga ngayakas. Sajeroning saré. Manéhna ngimpi dibéré kembang ku pamajikanana. Laju dibawa ka kamar. Rekét pantona dibuka. Bréh. Kulambu beureum, sepré bodas. Barang rék dirangkul. Dumadakan pamajikana ngajanggélék jadi ucing hideung, panona hurung rék ngerekeb. Koréjat. Isukna geunjleung.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya