Di Kafé Soré
LAWUNG di Kafé Soré nu combrék. Basa langit beureum jeung sakeureut haté soék. Anjeun jeung kuring. Nataan carita lawas dina trung-tréngna gelas. Ti leguk ka leguk. Weureu. Teu maliré manuk-manuk nu piligenti, ngakut usum luareun jandéla. Paguneman tumuwuh, laju ligar ngarangrangan na jero gelas. Régangna ribeg. Teu burung dipirun sanajan mulek. Jadi durukan nu haseupna meupeurih mata. Tapi kuring bungah; nimu alesan nyamunikeun citangis nu méh caah.
Basa durukan ngagugudag, kuring nangtung ngajakan ngéngklak. Tapi anjeun kalahka lumpat, ngalungkeun awak kana ruhakna. Hareugeueun. Ringkang anjeun sakilat tutung, ngajirim kalangkang mangsa.
Di Kafé Rebun nu ngungun, aya nu teu kungsi balik deui. Basa langit reueuk jeung raheut nu beuki geuneuk. Taya ungkara satutas éta. Simpé.*
Shohiba Nu'man - kisuta.com


