Donat
MANÉHNA milih pink ceres, kuring dark blueberry. Ari nginumna, coklat panas ku duaan. Di luar hujan ngaririncik matak seunggah keur leuleumpangan. Pabetem-betem baé salila diuk téh, sabada tadi pacéntal-céntal. Kuring keukeuh teu ngarti, ku naon manéhna babari pisan mulang-mulangkeun panineungan baheula, sedeng kuring hayang sagala dipopohokeun. Ah, sebel, ku naon mun keur hujan kieu, kabéh jalma siga beuki kana donat. Pajejel dina korsi-korsi lounge.
“Huhujanan yu!” pokna deui. Ku kuring dicaram. Cékéng téh engké baé nungguan raat. Manéhna nangtung, gegerendeng. Majar kuring teu romantis. Éta geura, geus pok deui cenah kuring teu siga kabogohna nu baheula. Am, donat sésa diselewegkeun sakaligus, nepi ka samutut. Gegedoh coklat diregot, pait-pait gé. Rét kana donat manéhna, mani siga diawét-awét. Teu ngartieun, jeung sigana embung ngarti, mun kuring huhujanan, tangtu incok jeung asam urat kanceuh.*
Darpan A Winangun - kisuta.com


