Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Capétang

Rabu, 4 Juni 2014

"MA, ari Adé dikandung ku ema sabara sasih?"
"Salapan bulan salapan poé, geulis!"
"Ari Adé ayeuna umurna sabaraha taun?"
"Tilu taun!"
"Ari Ema nikah sareng Bapa tos sabaraha taun?"
" Tilu taun!"
" Nu salapan bulan salapan dinténna teu kaétang atuh?"
"Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembé sataun satengah"
"Ah..maenya nembé sataun satengah tos capétang kieu!"
"Geus ah tong loba tatanya, pamali! Buruan saré pan énjing badé sakola...!"
"Aya kitu sakola keur nu umurna nembé sataun satengah?"
"Ih, budak téh..."
"Ih, Ema mah..."
"Meugeus... "
"Ma..."
"Meugeus, jep...!"*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya