Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Tibra

Rabu, 4 Juni 2014

“SAYANG, buka heula acukna nya…“ Lalaunan leungeunna mukaan kancing bajuna, dibarung ku kadeudeuh. Bajuna dibuka. Satengah buligir. “Ayeuna kantun lancinganana nu dibuka nya… “ Gap kana calanana. Porosot diporosotkeun. Sorot panonna teu bisa dibohongan. Bari neuteup nu ngageubra. Teuteup geugeut. Lalaki nu nangkarak di tengah ranjang bari buligir, siga nu taya tangan pangawasa. Pasrah sumerah digulanggapérkeun. Nu buligir, éstuning taya nu ngahalangan awakna, laju ditangkeup ku manéhna. Diciuman: Tarangna. Dua pipina. Panonna jeung irungna. Bari leungeunna ngopépang. Teu cicing. Ngusapan sakujur awakna. Katambah ku tiisna hawa nu nyelesep kana awak nu buligir. Nu ngageubra, ngulisik. Beunta. Nyéh seuri siga nu sugema. Laju biwirna ditutupan ku pipina. Ditangkeup deui. Siga moal dilesotkeun deui tina dua leungeunna. Antaré naker. Biwirna nu amucuy ngadeukeutan ceulina. Ngaharéwos: “Nangningnungningnangningnung… Ci ayang putra ambu anu kasép. Gugah nya! Tos siang ieu téh. Urang ibak heula. Ké pami tos ibak, ku ambu dipasihan nénén…”*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya