Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Pernah Leungit

Kamis, 5 Juni 2014

KAFÉ Biru. Dina méja lebah juru. Anteng neuteup anjeun nu nyusutkeun dampal leungeun kana panon nu kénca.
"Ieu cisoca panyéépan, Kang. Abdi rék nyingkahan tapak wanci nu pernah ngabongohan melakkeun tatu."
Leungeun dirawél. Dicekel pageuh. Dua pasang panon silih teuleuman rasa séwang-séwangan. "Urang di luar yu! Bari ngangin...." Anjeun unggeuk.
Angin ngahiur. Sisieun jalan dangdaunan maturan peuting nu ampir nepi kana puncakna jempling. Siga méré béja ka langit, yén simpé pernah ngalimpudan haté urang.
"Mangtaun-taun, girimis teu lirén ngepris, nya Kang. Niisan pangacian. Kadang nyekleuk teu cacap-cacap, da sono bet nyiksa raraosan."
Imut. Ngarangkul taktak anjeun. Tuluy babarengan ngahariringkeun tembang nu baheula nepungkeun rasa urang.
Sisieun jalan. Seuri duaan. Silih écagkeun guligah nu pernah pageuh ditatah dina jeroeun dada.
"Kedah ageung sukuran, Kang. Urang ayeuna ditepangkeun deui. Dihijikeun deui. Satutas lami sami-sami kaleungitan."
Silih teuteup deui. Metot sirah anjeun kana dada. Sieun leungit deui.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya