Pulpén
LUHUREUN keretas manéhna lalangkarakan, jung nangtung. Rarampéolan leumpang soloyong ka kénca bangun nu hayang lunta kajauhna. Sup ka hiji gang. Bras ka jalan raya. Reg di hiji parapatan. Bret! Teu kanyahoan Tapak-tapak ngarigah nu pinuh kalungsé disabet gurat panjang. "Ulah ka dinya siah, Istijrad!" Nu di jero sirah ngagorowok tarik.
Luhureun keretas manéhna eureun. Golédag, bangun nu hayang reureuh. Gular-golér ngagular-gilir kaguligah. Bréh lalangit siga nu jongjon nungkulan sariungan sariungan pangalaman ahéng sapangeusi rohang. Bréh langit. Bret! Implengannana leungit aya nu mulut. "Kahadé kalangsu, tong jauh teuing tali urang teu sakitu panjang!" Nu di jero dada ngaharéwos daria naker.
Luhureun keretas manéhna nyuuh. Diantara gurat jeung gurat, rakocét.*
Arom Hidayat - kisuta.com


