Talatah
ANJOG ka hiji tegalan kasampak Panonpoé keur nyorotkeun sinarna. Digupayan. Ngalieuk. Tarangna dikerungkeun. Ngisarahan. Digupayan deui. Panonpoé nyirorot. Ngoprot. Alam dunya poék saheulaanan.
“Aya naon?” pokna.
“Dék mihapé talatah ka Bulan.”
“Sok! Talatah naon?”
“Pangbéjakeun! Mun manéhna rék milih kuring atawa manéhna, pilih baé manéhna kituh!”
“Teu salah ngomong téh lur?”
“Henteu! Sabab mun manéhna bener-bener micinta sagemblengna ka kuring, pasti moal aya deui piliheun séjén. Nam béjakeun nya!”
Béja tiba. Talatah ditampa Bulan. Peuting ieu samagaha dadakan mongklengkeun lalangit haté. Ukur bisa cumalimba basa néjo Bulan raca, katinggangan keclak cimata béntang nu ngarakacak, nganaha-naha.
“Sanés téga jungjunan,” gerentes kuring basa milih ngalakonan hirup anyar bareng jeung simpé nu salawasna satia mépéndé.*
Mulyana SA - kisuta.com


