Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Simbut Anyar

Minggu, 8 Juni 2014

BASA aya sora nu ngaguruh. Tingjarerit. Awor jeung sora nu babacaan. Manéhna ukur calangap. Bangun nu sawan. Bari ngagugusur indungna nu ngalémpréh. Teu kaduga.
Cara sasari. Ngurilingan komplék. Imah sigrong. Kokoréh kana wadah runtah. Sugan aya sésa kadaharan karesep indungna. Wanci sareupna. Gura-giru muru indungna. “Ma, tah kadaharan pesenan téa,” pokna. Bari ngaluarkeun eusi kérésék. Témbong. Apel nu geus régél tapak nyégét. “Ma! Si Nyai téh, can kapanggih da. Jeung éta kaén anu aya gambaran meunang mulung téa, geus diteundeun deui kana tempatna. Baé nya! Emana ogé apan geus boga simbut anyar,” pokna deui. Bari ingsreuk-ingsreukan. Laju ngaléos ninggalkeun gundukan taneuh beureum.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya