Enin
TRANG…trang. Sora tihang listrik ditakol ku anu ngaronda, meupeus simpé. Geus laju janari gede. Rét kana weker, “Geus jam dua geuning,” gerentesna. Ngadukduk ngaput nganggeuskeun pesenan, kudu jadi isukan. Mesin jait heubeul digoés ku leungeun katuhu, leungeun kéncana ngalempengkeun lawon mapay sapatu tojosan jarum. Sakocina tingderekdek marengan tulang raramo ngalangsud umur. Dina luhur méja. Ngarendeng jeung weker, aya gambar mangsa lawas, paduduaan. Aya keclak cipanon teu kaampeuh. “Akang mugia tingtrim di alam langgeng, abdi pasti nyusul Kang, antosan heula,” lelembutanana ngalayang anjog ka hiji tetengger. Kaputan anggeus ka subuhnakeun. Tanaga geus suda. Goloyoh kana ranjang. Di handapeun anggel, aya poto salakina. Diteuteup, terus diusapan. “Kang, ku abdi ditangkeup, geura kulem masing tibra.” Reup deungdeung.*
Iwan Hanjuang - kisuta.com


