Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Épisode Kulawu

Selasa, 10 Juni 2014

PEUTING ngelekeb. Summer nu nyongkab nataku. Hiji bar di Rue Duphot. Raymond Courreges, nyorangan dina méja pang juruna. Leguk. Macallan. Ti seloki ka seloki. Beungeutna mimiti asak. Wirama jazz standar geus liwat pirang komposisi. Dimaénkeun bangun nu horéam. Teu matak genah. Unggal peuting kitu jeung kitu. Manéhna néangan nu kungsi mirun na lelembutan. Miharep tepung deui jeung nu ngahudang amarahna. Awal épisode kulawu. Dualas taun kalarung. Di dinya pisan. Megatkeun tali manéhna jeung William Courreges. Mangsa birahi keur ngagulidag. Maria Cross. Si Legit. Hayam lakian. Wanoja nu mampuh nyaatkeun birahina, nedunan sakabéh hasratna. Teu kaampeuh. Tuluy hayang mutlak miboga. Hanjakal puyar ku kedal nu matak aral. "Kuring nyaah ka bapa anjeun, Ray..."*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya