Cardi
PASOSONTEN, di buruan bumi Wini. Abdi, Wini, Tuti sareng Enok nuju sapintrong. Dédi, Ajat, Rohman, Diyat, Caca sareng Momon nuju parémpét jéngkol. Kurunyung Cardi nu damisna pinuh ku kerak, "iluan, euy!" saur Cardi bari ngosom, pananganana di kapengkerkeun. "Sok waé rék miluan mah, ngan kudu béakkeun heula dahareunana, jeung kudu sibeungeut heula!" saur Momo. "Da teu barangdahar uingah," walon Cardi. "Ningan leungeun manéh dikatukangkeun!" Caca mairan. Lambey Caca gé masih kénéh engab. Kecok! Hayam jago macok kurupuk nu aya dina panangan Cardi. Teras hayam téh lumpat. "Hoyah...! Katohyan bohongna!" saur Momo. Cardi lewa-lewé. "Awas siah! Béjakeun ka indung uing!" saur Cardi. "Jig, rék dibéjakeun gé! Uingah teu sieun, da teu salah!" saur Momo. Nu nuju ameng janten garumujeng, ningal polah Cardi nu pundungan sareng sok aduan deuih. Mung untung, sepuhna mah tara guguan.*
Eni Setiani - kisuta.com


