Sungai Lilin
DI dieu hujan semu kayas, Hana. Malih sapalih mah gandola pisan. Robih janten hideung saatosna adan magrib dareuda di masigit. Kantun soantenna nu ngoncrang ngetrokan hateup kamar. Tik, tik, bréng... Tik, tik, bréng...
Sarérésna netepan isa, Ambu anteng nyerat di sepén. Iberkeuneun ka rakana di Cidaun. “Samulihna nu maloro, bagong masih ngarongrong. Tiap wengi Ama ngaronda sareng barudak, ngideran kebon sawit. Tapak pélor hangit, jelegurna sok kakuping dugi ka pipir,” saur Ambu, ngéjah seratna. Lampu dumadakan pating karetip. Di luar, hujan bebeledugan.
Ama mah jigrah. Sila mayunan hujan. Cikopi ngeyembeng dina bekong. Goréng sampeu tos lami tiis. Kahilapkeun. Samulihna ti masigit, duka sabaraha rakaat nu diambéngna. Tasbéna lir kolécér. Muir teu lirén-lirén. “Ya, dzal jalali wal ikram... Ya, dzal jalali wal ikram... Panuhun, hujan tos sumping. Mugia barokah kanggé sadaya...,” soanten Ama gegereyeman.
Abdi nyempod na korsi panjang, diharudum sarung poléng. Anteng ngetik SMS, nu duka iraha dugi ka salira...*
Maman Gantra - kisuta.com


