Nu Kateuteup
DINA sésa-sésa hujan. Wétaneun lampu stopan nu keur ngahéjoan. Paheula-heula nunjuk ka hareup. "Ah, aingah...éta mobil uing dipaké ku saha, nya?" Pajéro pulas bodas ngabelesur meuntasan parapatan. "Naon, anying! Mobil nu aing éta mah," ceuk nu awakna panggedéna bari teu eureun nakolan gitar kotakna. Ditungtungan ku seuri babarengan.
Lampu beureum. Rikat maranéhna ngadeukeutan unggal mobil nu areureun.
"Munarooooh, Bang Ocid dataang. Prépét prépét prépét...." Namprakkeun leungeun. Kadang sok aya récéhan nu kaluar tina sela-sela kaca jandéla, kadang kabéh mobil nu aya ukur némbongkeun dampal leungeun nu nyieuhkeun maranéhna.
Wanci ngagayuh ka peuting. Marulang. Mapay jalan tengahing kota. Lebah toko mébel nu gedé kacida, maranehna eureun, neuteup meuntasan kaca. "Sigana ngeunah nya euy, mun urang héés dina tempat saré nu itu." Nunjuk ka jero. Siga peuting-peuting saméméhna.*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


