Teu Sangka
NAJAN boga rupa hade, teu ieuh agul. Gedé rumasa. Jejem. Ladang merih téh, kabiruyungan jeneng. Lila bubujangan, da metakeun heula nu jadi dulur. Diparengkeun meunang jodo anak nu beunghar. Lanjang. Umur 39 taun. Ah, teu jadi soal. Nu penting nyaaheun.
Matak pikarisieun. Dienod ku mitoha awéwé téh!
“Say, tos wé di darieu! Mamih teu aya batur, ongkoh apan Si Papih kitu kaayanana,” pokna. Bari ngarérét ka mitoha lalaki anu ngalempréh dina korsi roda.
Sabulan ti saprak kawin. Wungkul ngahiul. Loba ka anéhán. Pamajikan, dumadakan bet ogo pisan ka indungna. Batan ka nu jadi salaki. Mun balik gawé, nu nyampakeun téh kalah indungna. Pamajikan mah ngahékok, misah kamar.
Hiji waktu. Panganngguran mukaan hapéna. Na atuh, ana bréh téh, nempo potrét anu matak kukurayeun. Puguh asa dibentar gélédég. Awak ramohpoy. Laju rerencepan muru kamar mitoha lalaki. “Pih! Nu saleresna, Si Mamih téh saha?” Cekéng. Rada teugeug. Nu ditanya ngarénjag. Bari rambisak.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


