Sastra & Humor
Fikmin
Salah Pencét
Senin, 16 Juni 2014
TUH geuning, manéhna. Ngajanteng na sésémpér péron. Blazer héjo jeung ransel pulas layung. Sanajan asa leuwih ngora batan potrétna, tapi da teu bireuk, puguh manéhna. Luak-lieuk di antara pagelekna setatsion. Moal boa ngadagoan kuring nu rék ngajemputna. Geuwat disampeurkeun.
“Mahéra?”
“Aéh, sumuhun.” Aya unggeuk jeung kareueut, “Kang Afan, nya?”
“Afan?” bati kerung. Teu rumasa.
“Kéla, dupi ieu sareng Kang Afandi, kan?” ngayakinkeun bangun nu sarua hémengna.
Rey beureum. Dumadak hareugeueun. Ras kana... Lah, Boa-boa salah pencét. Gap kana pésak. Goréhél, Gadgét Lalana Mangsa. Gustii...! Enya baé, lawung pasini, jelas pisan tinulis dina layarna: 11 Agustus 2015.
“Dasar lalawora!” ngutruk sorangan.*
Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


