Sué
RÉRÉS rapat. Leumpang rurusuhan. Deukeut ieuh ti hotel ka imah téh pan. Paling tiluratus méter. Ongkoh can peuting-peuting teuing. Tabuh salapan kurang. Biasana gé mapay trotoar. Édas wé. Biasana jalan téh ramé. Kalah tiiseun. Luak-lieuk néangan tukang ojég. Teu hiji-hiji acan. Tas kulit dikélék. Leumpang noyod. Asa geus jauh leumpang téh. Teu nepi-nepi geuning. Lebah péngkolan. Hareupeun tangkal nu liuh, ujug-ujug aya jelema ngabedega hareupeun. Teuing timana datangna. Boa turun tina tangkal. Taki-taki. Bisi manéhna rék niat goréng. “Pasrahkeun dompét jeung tasna!” Beledag! Asa kabéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Umur-umuran di dieu manggih kajadian siga kieu. Leketey. Awak leuleus satulang sandi. “Burukeun!” Kusiwel kana saku calana. Dompét dipasrahkeun. “Sok buru tasna…!” Ieu tas téh eusina i-pod, i-phone, i-pay jeung poto I-péh, pamajikan. “Sia bet wawanianan ka aing, siah. Aing anggota DPR deuleu.” Ngadadak wani. Hayang ngalawan. “Beuh komo anggota DPR mah, pulangkeun siah duit aing! Duit rayat!”*
Deni Riaddy - kisuta.com


