Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

DongÉng Nu Saba Leuweung

Rabu, 18 Juni 2014

“HEUG, Da indung manéh mah moal bisaeun! Pék golérkeun di dinya...” Pokna. “Enya atuh,” témbalna. Katempuhan laku indung. Puluhan taun mileuweungan. Nété akar ngeumbing jangkar. Muntang morot. “Teu sangka pikieueun, nya Yi, keun ulah kapalang sabar, manan kieu ogé geus takdir urang,” ceuk Subali. Bari ngaluncatan dahan. Ngarawélan pupucukan. Sugriwa teu némbalan. Kalah nyempod dina rungkun. Nyuuh. Nginghak. Bangun nu kanyenyerian. Bari ngarampa beungeut jeung awakna nu pinuh ku bulu. Bréh. Lalakon mangsa rumaja. Dedeg sampé rupa hadé. Tara jauh ti kolot. Diogo. Sagala kahayang tara ieuh dipungpang. Jol, bréh. Lalakon mangsa rebutan cupu. Pamahugi kabogoh indungna. Bapana bendu. Nepi ka indungna disupata jadi arca.
“Najan beungeut urang jiga kieu, tapi haté urang kudu tetep bersih. Aéh, aéh..., ari sia kalah ngadon méwék!” Subali ngambek. Kekerot. Luncat muru Sugriwa. Bari ngabar leungeunna. Teu kebat. Kaburu Aya nu ngaréwos ti lawang kamar. Rét ka nu ngageubra.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya