Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Katambias (5)

Rabu, 18 Juni 2014

ANGIN lirih. Di alak paul, béntang ngeureuceum. Lir sérab ku dilak bulan. Nu moncorong dina liuh-liuh peuting. Pameunteu anjeun, Antéh. Ngoconan tineung. Ti jauhna. Ngusap beungeut Engkang nu beuki haropak. “Ieung, Ema, itu bulan di langit ku mingkin asri. Gamuleng lir pameunteu widadari….” Ngagerendeng sora peura ‘na jentréng kacapi silung. Nyambat-nyambat ngaran anjeun. Anu heubeul niruk batin. Harita. Anjeun ngejat tina genyas Ciwasiat. “Éndahwarni titisan déwi. Teu saé disapirakeun,” ceuk anjeun, basa caah mimiti ngagulidag tina huluwotan rasa. Ngaboréngkalkeun kapanasaran.
Peuting ieu. Silung kacapi dijentréngkeun deui, Enung. Tina tungtung haté nu rumanggieung. Ngaregéh balas mapayan sikluk. Teu timu. Ciduh pait beuki peuheur, karérab hariring halon. Sora anjeun, Antéh. Ieu getih ngaburial. Beuki lami beuki hangru kahuru seuneu kakangen.
“Jungjunan, teu saé ngantos nu tilem. Lami temen kulambu urang henteu ngarungrum,” ceuk sora gigireun. Ukur dirérét. Da rasa anggur ngatiga. Teuing ku hésé endagna. Sakolébat, aya keclak tina rénghap. “Hampura, Éndahwarni….”*

Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya