Arca
SERSAN Pandu. Anteb. Meleng arca leutik. Mirupa dedegan marinir. Lana diropéa saban wanci. Sapaparat usik. Saprak lunta ti batalion. Ragamang. Palu jeung pahat. Luhur batu mahat sarwaning gurat. Ngukir ringkelna takdir jeung udat-udat katineung. “Sing yakin, Kang. Rike baris satia ngantosan...” Aya galindeng tukangeun simpé. Nu kungsi nguniangkeun ludeung satacan miang ka pangperangan. Ragamang deui. Leungeunna. Lir natahkeun prasasti kapeurih bihari. “Hapunten, Kang. Rike ayeuna tos aya nu bade mihukum...” Aya galindeng mergasa sukma. Nu madakeun lagu pamungkas mangsa mulang jeung sésa harepan. Rét kana ondangan. Galindeng bet awor jadi wirahma nu ngajak bingbrit jeung nu rosa nyanyambat panineungan. Teu sawatara lila. Arca sampurna. Tan warna. Tan pulas kawaas. Awakna. Gégésor nyokot kardus. Satacan diasupkeun. Pel digantélan salambar surat. Teu kaimpleng anggangna jarak. Kardus geus nepi ka jinis nu keur panganténan. Bréh suratna dibaca. “Najan teu ngaluuhan, ieu wawakil jirim Akang nu saéstu.” Gap kana eusi kardus. Aya arca tanpa daksa.*
Ari Andriansyah - kisuta.com


