Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ieung

Sabtu, 21 Juni 2014

IEUNG. Rumanggieung, sajajalan angkaribung ku raga amba. Ngarawélan rungkal-ringkel areuy-areuy pamuntangan. Nyorangan deui! Nyorang deui si rumpil si geulis gunung. Lamunan nu disusuhun teu béda ti daun, laun-laun maruragan. Unggeuk dina dampal nu nincak unggal korosak sora kalakay. Hiji mangsa Ieung reureuh, Matuh dina iuh langit. Bumetah dina léah lemah. Cara salambar keretas. Dulang tinandé mapag simpé nu tingkulutrak. Nu mukakeun tulak.*

Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya