Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Carita Sisi Basisir

Rabu, 25 Juni 2014

LANGIT peuting sumedeng lénglang. Béntang sarupa kunang-kunang. Méja-korsi nampeu sisi basisir, diamparan kikisik nu warnana bodas kacida. Kacaangan lampion-lampion nu ngahaja digantungkeun dina tatangkalan. Halon sada lambak lir wirama musik simponi, nambahan romantis suasana harita.
Béh juru, sapasang manusa keur uplek, bari cakakak-cikikik. Nu wanoja unggah darajat, satutas laksana jadi garwa anom, Haji Murad, juragan bako. Beuki anggang ti dunya burem saméméhna. Teu nyalahan gilig nyabrang pulo, bari ninggalkeun sakabéh carita lawas. Purah mawa modal awak sampulur, sakarupa, Iis Dahlia.
Sedengkeun lebah pangkalan ojég sisi Jalan Senggigi, Nune Hairun, tilas juragan tanah nu teu wanoh kana baca-tulis, keur nyeungceurikan nasib. Kaduhung mah tara ti heula. Silo ku borélak lampu diskotik jeung pingping mojang Priangan, laju kasedot kana ulekan nu banter pohara, tangka korédas sagalarupa. Hairun, katut lalaki pondok pikir lianna.
Di Désa Cula Méga. Ngadeg gedong sigrong bogana, Néng Marni. Cenah bati laat-léét késang di Pulo Cabé.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com

*Nune = Akang, dina basa Lombok.


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya