Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Cinta Urang

Sabtu, 28 Juni 2014

“GUNUNG-GUNUNG gé rumengkuh, jungjunan, dina wening cinta urang." Haroshos. Méh kasilep ku sora dulag. Lalaunan. Leungeun katuhu ngusapan buuk anjeun. Dumarégdég. "Béntang-béntang nganggit dangding. Kasajatian cinta urang." Anjeun ngalieuk. Neuteup geugeut. "Kapan jangji urang mah pinasti. Teu kawas dongéngék atawa tarucing. Haté urang sahiji. Sauyunan napakan wanci.” Celengok. Nyium taar. Leungeun katuhu diranggeum ku anjeun. Diteueulkeun kana pipi. “Cinta urang, jungjunan, lir galura jaladri di Manalusu. Bodas. Paul. Motah. Marudah." Ceuk anjeun. Sarua humaroshos. "Lir méga katiga luhureun Guntur. Bodas. Paul. Ngaleut. Ngalayang.” Cipanon kabagjan, bedah basa urang silih rangkul. Silih tamplokkeun kanyaah. “Cinta urang, jungjunan, dangding wening saendeng-endeng.”
"Swiiitwiwww! Prikitiw!" Bareng ngoréjat. Bréh. Incu. Jeung indung bapana. "Meni resep ih, ningal Engki sareng Enin. Romantis waé." pokna bari munjungan.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya