Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Japati Pantura

Minggu, 29 Juni 2014

TEUING kumaha mimitina bisa anjog ka ieu tempat jiga kabawa palid ku cikiih. Basana mah sukuran bérés pamariksaan ahir taun, cingcay jeung Tim Pamariksa, hiburan.
Kuring nyupiran. Anjog ka réstoran nu dituju, jrut tarurun, arasup, maresen dahareun. Kuring culang-cileung néangan mushola lebeng, sup ka toilét kahampangan terus wudu, rék sholat sisi mobil diamparan koran. Édas babaturan laleungitan, ukur aya awéwé geulis baju séksi bari nyesep. Api-api wéh muru mobil, sholat, terus gogoléran dina jok tengah, istirahat.
“Éh tos kaétang da Kang… hayulah tos ngantosan tuh di ruang tengah, barang anyar..! Biasa kos batur… cuci busi” Tepak toél. “Japati gé aya Kang… kalem lah!” diharéwos. Gogoroan. Wanoja geulis dijilbab datang. “Ieu Kang, Jablay maké tiung, nyanggakeun!”
Basa paadu teuteup, éta wanoja ngagabrug bari ceurik balilihan nangkeup kuring tipepereket. Wiwi Permatahati, murid és-ém-pé baheula. Sapuk ieu rusiah ukur duaan nu nyaho, manéhna jangji rék nata deui diri. Jiad pidu’a ti Apa!*

Ki Sunda Sawawa - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya