Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Hiji Peuting Nu Teu Katangting

Minggu, 29 Juni 2014

SAPOÉ ieu, geus ngatujuh-kalian manéhna mukaan léptop. Lebeng. Taya nu bisa jadi carita. Cikopi kari gegedohna. Mangpuluh kuntung pasesedek. Teu sabatang-batang acan nu geus nyundut sumbu pikiranana. Ti situs ka situs dileukeunan. Badis. Bati iber nu méh sarua. Perang kayakinan. Ceklék, bray koropak anu sasari, geusan ngariung jeung balad-baladna. Opat las talatah anyar ngan dipairan ku sabatang roko. Deui. Nikotin. Kasugema nu terus-terusan nagih wawalesna. Baé lah. Cekés, kelun haseup guligah na juru implenganana. Guligah nu ngigelan séahna wirahma dunya. Pabuis nganiskalakeun ungkara dina rumeukna langit. Manéhna nganti revolusi. Caah nu megatkeun halodo panjang.
Muka program ketikan, rémana mimiti nuliskeun saniskara rasa. Ngarandeg lebahing tanda tanya, teu kebat neruskeun. Heurin ku panyangka. Mun ieu rusiah terus bedah jadi carita, aya nu baris nepungan pati, teuing saha. Nguniang. Ngajajanteng. Gebrus teuleum jeroning eunteung. Néang dirina.*

Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya