Sastra & Humor
Fikmin
Ngacacang
Senin, 30 Juni 2014
“DEUH, ku mecak ieu tempat!” ceuk sorangan tuluy ngarca dina punclut Gunung Tilu nu jujul ka langit pitu. Arunggut pucuk kiara na téoheun kélék lamping. Rineh naker mata urang nyalasar awak sorangan. Ébréh tangtungan Nyi Rambut Kasih. Nangkeup wawanén nu upluk-aplak. Ngangsar rambut. Ngampar warna rasa nu ngacacang. Urang nyangsaya dina riabna. Meureut ketug jajantung. Léngkah teh teu ambuh-ambuh. Poe ieu mesat bentén. Nyocrok madu na peuheurna buah maja. Nu geus heubeul milaraan. Tuluy cur-cor jadi getih. Tina tatu. Tina batu. Tina pucuk-pucuk kiara. “Urang geus ngabuktikeun. Kari sorangan kudu jadi lalaki langit!” pokna.*
Nana Sukmana - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


