Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nutupan Kaéra

Selasa, 1 Juli 2014

ISUK-ISUK kénéh Bu Wida gogorowokan bari ngagegedor panto imah Bu Tati. "Buru bayar! Icuk-colé waé sia mah!" Kurumuy Bu Rina, sarua ngadon nagih. Jol deui, Bi Uyun, Ceu Momoh, Bi Enyi, Bu Yani, Mang Tata, Pa Wowo. Antukna tingrariung bari tingkecewis di hareupeun imah Bu Tati. "Dipaké naon duit, nya?" puk-pok.
Di jero imah, Bu Tati ngahuleng. Gap kana saku, teu sapésér pényon. Bingung, boboro keur mayar hutang ka nu lobaan, dalah keur dahar gé can aya. Rét, kana tabung gas. "Hampura mamah, Ris!" gerentesna.
Di kantin sakola. Risma anak Bu Tati keur pada nanggap. "Liburan urang ka Bali! Saha nu rék milu? Masalah biaya ditangkes ku urang, masih aya kénéh titinggal Babéh!" ceuk Risma. Babaturanana ukur silihrérét. "Ris, itu tatangga manéh, lin?" Yanti batur sakelas Risma nunjuk. Risma nyampeurkeun ka tatanggana. Teu kungsi lila, Risma jejeritan bari nyeluk indungna, nu cenah geus rénghék teu katulungan.*

Eni Setiani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya