Nyawang Peuting di Syauqiya
GEUS aya sajamna ngaliwat tina adan Magrib. Langit masih cangra. Dina ramo nyelap Marlboro bodas. Haseup nu nyerebung, seungit, tuluy ngambul nuju langit Mekah.
"Syuff hiina ya buya, bi kam ilal harom...homtsa ta'asar, bas.." ceuk kuring ka supir taksi. "Mafh kadalik, ya hajj...isyrin riyal, tafaddol."
Gek, gigireun manehna. Geus lila ngawangkong, kakara kanyahoan yen manehna aslina urang uzbeks, nu ngungsi ka Mekah basa keur aya perang campuh di nagrina. Pamajikan jeung anakna mah jadi korban serangan nu ngabombardir lemburna, cenah.
Tengah peuting. Balik deui ka maktab 107. Headset dipasangkeun. Mapay-mapay trotoar Syara' sittin, bari nuturkeun haleuangna Nancy Ajrom jeroning hate " Biyahsibuniy...anka asyimtak, minka busyirtak..halumm alaih..."*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


