Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Bisul Si Aki

Jumat, 4 Juli 2014

SI Aki keur humaregung. Geus sabulan ngararasakeun bisul dina bujurna. Ka pamajikanana mah, tara ieuh bébéja. Da cenah sok dedegler. Ongkoh kapan geus teu ningali. Heubeul katarajang katarak. Bakating ku teu kuat. Kapaksa dipéntaan tulung. “Nini, yeuh kami bisul dina bujur meni sadua-dua! Cik, pangnyuatkeun. Duh, teu kuat nyanyautan! “ pokna. Bari ngeuyeungkeung. “Aéh, aeh...! Jiga nu ébél aiteuntéh! Pan nyaho, kami téh, geus teu neuleu!” témbalna. Semu keuheul. “Nya rarampa wé atuh!” kituna téh bari nonggéng ngadeukeutan Si Nini. Tuluy sarungna disingsatkeun. “Nya ari kitu onaman!” ceuk Si Nini, bari mukakeun laci lomari. Kabeneram manggih paku. Si Nini geuwat ngarampaan bujur salakina. Teu lila, jol kerung. “Sok ngabohong kalakuan téh! Ceuk saha, bisul aya dua?! Geuning ieu aya tilu!” pokna. Bari ngawahan nojoskeun paku. Cleb. Jep.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya