Janari
“SAUUUUR…! Sauuuur..! Bréng..! Bréng..!” Raong nu ngahudangkeun. Nakolan kaléng. Gombrang..! Panci murag. Nyekelna teu pageuh. Lulungu. Peuting teuing hudang téh. Wayah kieu mah lila kénéh ka imsak. Kagok hudang. Nyekeskeun korék. Kompor lila hurung. Dirojok liangna ku nyéré. Leuh, minyakna saat. Kompan minyak kosong. Lain teu boga kompor gas. Aya paméré ti RT, ngan teu boga keur meuli gas-na. Sieun ngabeledug ongkoh. Antukna ngajugrug di juru dapur nu ngan sacangkéwok. Rék mirun seuneu di hawu, kagok. Pira ogé ngahaneutkeun sangu tiis, jaba garing. Deungeun sangu nu kamari. Unggal poé sarua. Asin sepat jeung sambel goang. Teu ngabibisani, nikmat nu aya. Deuh aingah, tunduh. Golédag deui dina enggon. Keun sakeudeung deui saur mah ambéh tong lila teuing nungguan subuh. Heueuh, kanikmatan mah teu kudu lubak-libuk dunya. Hirup di gowok modél kieu ogé teu burung senang. Ngahenang-ngahening.
Tuh deuleu, panon poé geus moncorong. Gusti, geus kabeurangan deui baé..?!*
Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


