Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Pangéran Cunihin

Minggu, 6 Juli 2014

JALU gagah, sakti. Tilok éléh perang. Kalakuanna deugeul, pihéwaeun. Katelah Pangéran Cunihin.
Ngalamar kana Putri Arum. Maksa. Mun ditolak, karajaan diubrak-abrik.
Putri bingung. Ngalenggerek dina cadas. Laju kadatangan Ki Pandégeulang. Ngabantuan.
“Tarima heulan, béré sarat, nyieun liang satangtung, dina batu karamat, sakebel tilu poé” Ki Pandé méré bongbolongan. Putri ngaheueuhkeun.
Poé ka tilu, ditoong. Bréh... geus bolong satangtung.
“Bagoor, sakti jasa si éta nyah?” gerentes Putri.
“Kumaha jing ieu Bah?” kana Ki Pandé. Inggis.
“Pangéran titah abus kana liang batu!” Ki Pandé ngaharéwosan Putri.
Bérés dititah, laju baé Pangéran abus ngolongan batu. Palakak-peuleukeuk, sosohoreun.
Blos ka beulah ditu. Reup ceudeum. Kabéhan reuwas. Pangéran Cunihin ngolotan. Ngudupruk.
Sabalikna, Ki Pandé ngajelegedeg jadi parajaka gandang, kasép jasa.
“Abah... Pandé... dia... doang impian kula?!” teu nyadar kokono, melongkeun.
“Kula disupata Si Cunihin, kasaktén disedot. Bisa pulih, lamun si éta ngaliwatan geulang batu karamat.” Duanana haren.
Pandéglang , Cadasari, Kramatwatu, Karangbolong, sésa ieu carita.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com 

Kamus Mini:
Tilok = Teu pernah
Deugeul = Bangor
Pihéwaeun = Pingéwaeun
Heulan = heula
Sakebel = salila
Ditoong = ditempo
Jasa = Pisan
Jing = paneges kalimah
Sosohoreun = pupujieun
Parajaka = Pamuda
Doang = siga
Kokono = Ngomong
Haren = atoh


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya