Seuneu
HAREUPEUN saung. Dua raga. Anteb neuteup pucuk seuneu. Nu ngaléntab tumpukan jarami. Nebana pasawahan tutas dipanén. Ranggeuyan paré hapa. Kalangkang harepan. Sésa impian. Katut késang jeung cimata nu lawas ditandonkeun sapanjang galengan. “Tong ieuh jadi pikiran, Man. Kabéh sarua, panén urang teu babatén.” Sora Mang Darma. Sora nu sarua dareuda jeung kedal balaréa. Saman angger ngabetem. Aya nu nyilalatu dina jajantungna. Ti tungtung lembur. Hawar-hawar tihang listrik nitir ngabelentrang. “Usum ayeuna loba nu teu tulus kariaan. Manéh gé lain jodona bé meureun ka Si Euis.” Sora Mang Darma beuki dareuda. Saman kalah anteng ngarérab jarami. Aya nu ngabebela dina dadana. Tihang listrik ngabelentrang deui. Kapireng nu tingcorowok lapat-lapat. “Peuting isuk, Si Euis jeung Si Dirman panganténan.” Sora Mang Darma méh teu kadéngé. Saman ngaringkang ka jero saung. Teu lila kaluar deui. Mawa dua buntelan. Laju dialungkeun kana durukan. Nu tingcorowok beuki ngadeukeutan. Mang Darma undur-unduran. Sirah Euis jeung Dirman diléntab durukan.*
Ari Andriansyah - kisuta.com


