Nu Ngagukguk Jero Tajug
“SÉTAN, siah! Dipodaran ku aing!” Ngajelengéng matak katorékan. Urat beuheungna ngagaleng sagedé leungeun. Durugdug ngagusur gebog. Srog kana hareupeun durukan nu ngabebela. Nu araya milu surak. Jekok, gebog ditajong. Tuluy dicehcer. “Deuleu ku saréréa! Teu hojah Si Goblog téh. Témbongkeun wewesén sia!” Jebrod. Peureupna nenggel pisan. Gebog remuk. “Tuh! Babatokna bencar!” Sérépét, mesat gobang. Plas, plas, plas! Gebog ditigasan. Dicacag diwalang-walang. “Aing teu sudi dulur aing di Gaza dikakaya ku sia, Goblog! Tuh, deuleu! Orok, barudak, nu rareuneuh, jeung jalma nu teu tuah teu dosa malodar! Naha sia teu gableg haté?” Gobang terus ngahanca gebog. Durukan hareupeunana beuki nguntab-nguntab. Silalatu beuki luhur. Manéhna babarakatakan. Gobang muter luhureun sirahna. Nu surak beuki ayeuh-ayeuhan. “Modar siah ayeuna mah, Yahudi!” Lung, lung, lung! Cacagan gebog kana durukan. “Poé ieu aing jihad!” Gebrus. Manéhna kana durukan, “Allahu Akbar!” Jep! Hawar-hawar di tajug aya nu ngagukguk.Tina biwirna ngabring rébuan doa. Nyewuk ka langit Gaza.*
Nana Sukmana - kisuta.com


