Téhnik Ngajual Diri
LINGKUNGAN sabudeureun. Salin jinis. Jlug-jleg wawangunan. Ngabandaleut nu rék nyambung hirup. Ngalantri. Ngamodal karancagéan diri sewang-séwangan. Aya nu nanggeuhkeun kulawadetna. Aya oge nu ngandelkeun saktina pancakaki. Miharep karomat jimat tina lepusna pamaké dukun, jeung réa-réa deui tarékah sangkan hasil nu dimaksud.
Maksakeun diri ngadeuheus ka girang pangajén nu nangtukeun bulé hideungna nasib calon pagawé.
“Haturan,” halon nyarita basa ngadeuheus.
Brul rupaning patalékan tumiba ka diri kuring sabada nyumponan sagala syarat.
Nu ngalamar badis ucing tutung buntut. Basa apal peunteun teu némbongkeun nu punjul. Papak ngabeungeut cai nu ngabeungbleu. Saruwa. Najan geus sababaraha kali disulap. Antukna diputuskeun. Panicia biantara,
“Pinunjulna nyaéta nu sanggup teu dahar mun keur lapar, nu teu saré mun keur tunduh jeung nu kudu bisa barang béré mun keur pareng euweuh.Tandesna nu geus biasa jeung bisa hirup ku euweuh. Cung?” Pamilon ngaraga meneng.*
Ki Sunda Sawawa - kisuta.com


