Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Nangtung Hareupeun Kalénder

Jumat, 11 Juli 2014

PEUTING ngarikeun jempling. Ukur kapireng babaung ajag. Lapat-lapat ti galeuh tabet. Mirig tik-tek wéker nu sawirahma jeung antaré rénghap ambekan. Ngajengjen. Ngalenyepan simpé. Hareupeun kalénder nu kari salambar. Paneuteup museur. Kana gambar kalénder. Mojang lenjang dikabaya kasumba ngélék gentong di sisi talaga jeung jajaka nu keur anteng niup suling, dina rakit di tengah talaga. Badis korsél. Lelembutan muter. Ngideran wanci. Bihari manjing kiwari. "Geus rék ganti deui." Gumerentes. "Ari aing kieu kénéh, geuning. Teu puguh tangtung. Teu puguh lantung. Kawas nu linglung di parapatan kabingung." Rét kana jajaran angka nu tuluy muguran. Daun-daun poé pating kalayang. Ngalakay kabawa angin. Dahan bulan pasoléngkrah. Jadi pangpung panineungan. "Mulan-malén dibaturan. Horéng aing ukur dijieun bebegig. Purah nyieuhkeun laleur nu rék ngeunteupan bohak haténa." Teu karasa. Cipanon nyalangkrung. Humarurung. Humariring. Hariring kateteg ati. "Sisir kai ngaranna serit, daun seureuh paragi nyeupah. Dipikir-pikir bet mending indit, bongan deudeuh bet dicacampah." Ragamang. Balati. Dialak-ilik. Dikeupeul. Pageuh.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya