Katél
RAY poé ray poé, beuki karasa ku Mang Adun, kaolahan pamajikanana mindeng teu kalandep. Mun teu cawérang, pangsét teuing. Aya lekoh, kurang uyah. Goréng peda, bubuk. Goréng lauk tutung atahan.
“Kumaha gagawén téh, Ijem,“ Mang Adun nyengor pamajikanana.”Uing nepi ka leungit napsu dahar.Lain weuteuh paparabotan téh? Katél, panci, anyar meulian lain?”
“Heueuh wareuteuh. Da nu heubeul mah geus bangkarak pisan. Ari kitu kumaha?”
“Éta kaolahan mani euweuh nu matut....” Mang Adun jamedud. Pikiranana make rada ngulincer. Inget ka Nyi Odah, randa ngora urang peuntas. Pantes bakal ngeunah kaolahanana. Kawas Ijem baheula.
Éwé salaki tingharuleng di dapur. Balem. Ngajaga pipaséaeun alatan kadaharan. Pikiran Mang Adun ngulayaban deui. Lain ka Nyi Odah. Tapi kana berita televisi ngeunaan pabrik panci jeung katél di Tanggerang, nu kuli-kulina disiksa dikaniaya. Dipetek gawé, teu dibayar. Malah dikerem di kamar kawas pangberokan. Dahar sakadarna.Mandi gé langka. Teu beda ti abid beulian.
“Emh boa katél jeung panci anyar nu dipaké olah ku pamajikan ge, buatan ti dinya.Panci jeung katél nu lamokot ku késang jeung cimata jalma katalangsara....” Mang Adun ngaheruk.*
Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


