Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kolébat Almanak

Sabtu, 12 Juli 2014

GEUS waktuna diganti geuningan. Ngajajanteng hareupeun almanak. Ngadon nyawang mangratus poé nu geus kaliwat. Ti bulan ka bulan dibukaan. Mapayan tanggal nu tingkoléab. Hideung jeung beureum. Aya nu ngajak seuri, nu surti, nu ngalieus, nu tutunjuk, nu ceurik. Najan réréana mah nu ngadon ngajarebian. Teu ieuh dianggap. Bati gugupay. “Pileuleuyan! Caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan! Mangga, wilujeng angkat!”
Srog ka hiji tanggal, sumirat. Kalah meungpeun ku sérabna. Lalaunan nurunkeun leungeun, aya nu keur nyérangkeun. Duh, gelenyu nu matak nineung. Tapi ké, bet asa teu kungsi ngalaman poé nu ieu mah! Boa-boa kaléngkahan. Sugan poho deui, kitu? Lah, pamohalan. Piraku teuing mapalérkeun imut nu sakitu mautna. Ngahuleng. Nginget-nginget saha, iraha, di mana. Lebeng. Rét deui ka manéhna, burinyay! Kilat nyamber pangacian. Gebrét hujan ader-aderan. Awor dina jumerit rém jeung sora ban. “Cekiiiit... Brakk!” Jep baé simpé. Kari mangpirang tanggal nu terus saab. Marileupas ngudag ronghéap.*

Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya