Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sarah Di Talaga Manah

Minggu, 13 Juli 2014

MÉGA pundung, cimatana ngembeng awor jeung pihujaneun. Sahinghingeun. Satungkebing awang-awang sawangan dumadakan angkeub. Béntang sulintang nu rapang nyaangan, ngahiang embung kasalahkeun. Pras-prisna kainggis maseuhan kulit haté nu karék gumahpur. Nyérését. Nyeuit lir digerihan hinis.
“Sumangga di palih dieu!” ceuk anjeun harita, basa kuring kapegung liwung. Breg hujan. Lir dicicikeun ti langit. Ngiuhan, mapandékeun kahéman. Ret! Raat bareng jeung nyumiratna balébat. Mangsa carangcang tihang, amitan. Dumadakan léngkah ébat. Kabéngbat anggitan keupat tibelat. Sakolébatan maling rérét bari api-api ngumbar teuteup ka jauhna. Nyumputkeun rasa di sukulangit. Nyidem lelembutan nu teu bisa disimbutan.
“Kang, mun hujan baé aya raatna, naha caah bakal salilana ngagulidagkeun amarah?” ceuk anjeun deui, basa léngkah munggaran kuring mimiti ngajauhan. Ngalieuk. Neuteup. Silihteuleuman leuwi ‘na jeroeun ati. Najan déét hamo kakobét. Léngkah kadua rumandeg, basa nincak pangpung tanpa sirung, nu humarurung ngalanglayung marengan sora haté nu nganaha-naha. Ngawur-ngawur keprul tineung.*

Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya