Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalampahan Géng Motor di Kota Rahul

Rabu, 16 Juli 2014

DI Kota Rahul, aya géng motor anu matak ngareueuskeun warga. Géng motor éta ngaranna PIDUSTAM: Pidu’a Sepuh Tangtos Ampuh. Saban poé géng Pidustam teu weléh barangbéré ka jalma malarat, boh sembako, boh duit, boh wejangan-wejangan pikeun nyanghareupan talaga kahirupan. Basa Lembur Cihéab kabanjiran, sakabeh anggota géng Pidustam teu poho pikeun nulungan sakabéh warga Cihéab anu imahna kakureb ku cai. Ayeuna géng motor éta téh keur aya di Lembur Cikubur anu kaurugan taneuh ku alatan ayana lini. “Tah pa, ieu raksukan sareng tuangeun mangga dibagikeun ka sadaya warga di ieu lembur,” ceuk Jaka Rahul nu jadi ketua géng. “Nuhun Cép Jaka, katampi pisan, warga didieu, moal burung baringaheun. Keun cuang bagikeun sadaya, sim kuring mah wios teu kedah,” ceuk Wadul Darma nu jadi Kuwu di éta lembur. “Ieu ogé kuring sareng réngréngan bade ngabagikeun leptop sareng modem hiji sewang ka sadaya warga, omat kedah sering mikmin,” ceuk Jaka.*  

Yusef Muldiyana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya