Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Qiroat

Rabu, 16 Juli 2014

“GEURA gugah!” Bayati ririh ngageuing. Batin ngan ukur ngulisik. Pikiran beunta meueusan. Samar-samar aya imut. Leleb. Anteb. Ngajak reureuh dina lahunan Tresna, dina liuh-liuh Héman nu mangkak na saban mangsa. ”Geura gugah!” Gumalindeng lagu Shoba. Haté anggur morongkol, pikiran kalahka tibra. Neruskeun sakotret ngimpi nu bieu paragat ku gentra Quflah. Lelembutan mangprung beuki jauh, najan léngkah geus ramohpoy. “Geura gugah, Bageur! Geura gugah!” Nahawand carindakdak, bari ngageubig-geubig batin nu angger teu lilir-lilir. Ngipyak ngigelan durga. Ngéngklak dina tarahalna mangsa. “Jungjunaaan!” Bayati Husaini jerit jempling nyeungceurikan raga. Ngajepat dirurub kebat.*

Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya