Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ngagebog

Kamis, 17 Juli 2014

MÉMANG Kang Ajun alus wisit. Nimpahan buah jéngkol keur pentil kénéh, tilu rebu sakilo. Témpo panén, harga jengkol ngajaul. Di tingkat bandar ditampa tilu puluh rébu sakilo. Bati dua puluh tujuh rébu sakilo. Pohara pisan. Atuh tina lima kintal jéngkol, Kang Ajun nyakuan bati tilu welas juta satengah.
“Kudu gancang aing ngawin Néng Érsa!” gerentesna, bari nyipta-nyipta gitek géol nu kapiangen. Néng Érsa tea, biduan organ tunggal ngarangkep guru senam. Lincah kabina-bina . Lamun geus ngawihkeun lagu “Goyang Dombrét” ngagitekkeun imbit nepi ka oyag-oyagan sakujur awak, matak uruy nu caréraman otak ngeres kawas Kang Ajun. Pajah téh, ganti tempat tidur unggal poé pedah pararotong balas dipaké motah sapeupeuting, teu panasaran.
“Kaduitan ieuh! Komo ayeuna boga bati jéngkol!” Kang Ajun kukubuk.
Laksana enyaan Kang Ajun ngawin Néng Érsa. Tangtu susulumputan. Kawin siri téa. Tapi ukur sababaraha poé, geus pisah deui. Diragragan talak tilu via SMS. Nurutan bupati nu dipecat téa, pajah téh.
“Naha euy, kawin ukur popoéan?” ditegor ku Kang Unus, sobatna. “Lain meunang hayang? Lain béak sagala rupa?”
Kang Ajun hulang-huleng. Hésé rek ngajawab téh. Tapi lila-lila wakca.
“Puguh katipu uing téh euy, Nus!”
“Baruk katipu? Pédah bati jéngkol digebrokeun kabéh?” Unus nyureng.
“Kahiji éta. Kaduana, Si Welu Érsa motah sotéh ari keur ngawih dina panggung jeung keur ngalatih senam. Dina kasur mah, ngagebog. Teu usik teu malik. Caméwék!”*

Usep Romli HM - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya