Wening 4
PASANTRÉN Sindang Sari. Mama Buloh, ajengan pangsepuhna di éta wewengkon.
Unggal bulan puasa sok ngahaja ngajakan barudak santri ngaderes mangpirang kitab. Nu biasana tamat dua tauneun, romadon mah, juhlas poé ogé réngsé.
Nu tara lésot janten émutan Mama, mun pangajian geus nepi kana bab pangahirna, tuluy santri kabéh baralik ka lemburna masing-masing. Anjeunna sok ngaraos karunya ka Ma Haji Salsiah, garwana. Tiiseun, pajarkeun téh. Lain nanaon. Enya gé santrina loba, tapi turunan mah teu boga hiji-hiji acan.
Kadang, lamun keur ngararaoskeun kasimpé. Ma Haji mah sok cumarios ka Pangersa Mama, "Asa awét, nya, Kang?" bari imut. Najan tos sepuh, tapak geulisna mah teu leungit. "Naon nu awét téh, Nyi Haji?" malik naros bari ngalereskeun kacasocana. "Muhun, lauk di balong. Apan mun aya barudak mah, tara kaur melak." imut deui. Rada manjang.
"Hehe...kitu pisan, Nyi Haji. Omat atuh, bada lebaran tong hilap. Balong urang pelakkan deui. Bisi barudak kaburu daratang."
Angin ngahiur. Simpé. Aya seungit nu kaangseu, teu leungit-leungit.*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


