Ngadeupaan Lincar
JAM opat soré, Undi rérés mandi. Satutas disalin, sup, ka dapur.
"Masak naon keur buka, Ma?" Irungna ungas-ingus.
"Urang ngarédok wé nya? Asinna urang beuleum!" témbal indungna.
"Ning seungit beuleum hayam!"
"Tuh! Bi Édoh. Tadi hayamna kadupak ojég, terus dipeuncit!" témbal indungna.
Wanci nyérélék ka Magrib. Undi indit nyampeur Oman budakna Bi Édoh.
"Omaaan! Cuang buka bareng, euy!" Undi gegeroan bari gigilisiran di pipir imah Bi Édoh.
"Hayu!" témbal Oman norojol ti jero imah.
Dur, Margib. "Urang rék nyokot heula sangu!" ceuk Undi. Teu lila geus kurumuy deui.
"Ning, sangu hungkul! Mana deungeunana?"
"Nyéta teu boga, matak ngajak bebekelan gé améh ni'mat ari ngariung mah!"
"Ké atuh urang nyokot keur manéh!" Oman ngaléos ka jero imah. Teu lila,
"Yeuh!" Oman ngasongkeun dua jangjang hayam meunang meuleum.
"Nuhun!" Undi nampanan bari ééléngéhan panonna ningali kana alas Oman nu ditumpangan pingping hayam.*
Eni Setiani - kisuta.com


