Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Annabelle Rose

Sabtu, 19 Juli 2014

HÉJO ngémploh liuh tangkal tingrunggunuk. Jeung paulna budah laut di basisir nepi ka jauh satungtung deuleu. Disambungkeun ku keusik bodas nyacas nu ngampar sapanjang basisir. Pasir Putih, Pangandaran. Genah. Séahna sora ombak nu neumbrag cadas jeung keusik, nungtun panon ka wanoja nu turun tina jétski. Bikini jeung seurina, nambah mapaésan kaéndahan ciptaning Gusti. Teup! panon pateuteup. Nyéh manéhna seuri. Taksiran mah umur dua puluhan. Sumedeng belekesenteng. Buukna koneng. Ririaban katebak angin laut. Kulit semu soklat, kapoé. Urang deungeun. Disampeurkeun antaré. Bari ngitung léngkah. Panon teu leupas tina awakna nu satengah buligir. Manéhna siga nu nangtang. Nangkeup harigu. Srog! Paadu hareupan. “Hi! My name is Déni…” Teu diengkékeun. Song ngasongkeun leungeun. Ngajak sasalaman. “Pleased to meet you, Uncle… I’m Annabelle Rose Williams. We have met in Bournemouth, England, few years ago…,” cenah. Pung ngalayang ka mangsa nu kalarung. Harita, kuring ngahaja nepungan indungna di Inggris.*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya